Khutbah jum'at bahasa Sunda berikut mengangkat tema tentang Cara Bersyukur yang dapat dilakukan oleh setiap muslim.
Khutbah
I
إِنّ
الْحَمْدَ لِلّٰهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ
مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ
مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا
اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ
عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ
إِلَى يَوْمِ الدّيْن أَمَّا بَعْدُ، فَيَاعِبَادَ اللهُ ، فَإنِّي أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي
بِتَقْوَى اللهِ المَنَّانِ، الْقَائِلِ فِي كِتَابِهِ الْقُرْآنِ " وَاٰتٰيكُمْ
مِّنْ كُلِّ مَا سَاَلْتُمُوْهُۗ
وَاِنْ تَعُدُّوْا نِعْمَتَ اللّٰهِ لَا تُحْصُوْهَاۗ
اِنَّ الْاِنْسَانَ لَظَلُوْمٌ كَفَّارٌࣖ
Hadirin
sidang jum’ah rohimakumullah,
Hayu
urang sami-sami ningkatken kaimanan sareng kataqwaan urang ka Allah swt kujalan
teras taat ngalaksanaken naon rupi parentahna oge teras nebihan sagala rupi
larangan nana.
Hadirin anu mulya,
Naha pernah kabayang kuurang hiji énjing urang
gugah, tapi urang teu tiasa ningali. Teras, urang nyoba ngadangu sora di
sabudeureun urang, tapi teu aya sora anu tiasa kadangu ku urang. Urang badé tatih,
tapi awak urang teu tiasa gerak. Kumaha rasa hirup ieu tanpa nikmat anu sapopoé
kuurang dianggap biasa?
Sadaya nikmat ieu, ti
ngawitan
soca
anu tiasa ningali, cepil anu tiasa ngadangu, panangan sareng sampean anu tiasa
digerakeun, sadayana téh ti Gusti Allah. Tapi, naha urang sok émut kanggo ngawitan
hiji dinten ku rasa syukur ka Anjeunna?
Allah SWT ngemutan
urang dina Al-Qur’an,
وَاِذْ
تَاَذَّنَ رَبُّكُمْ لَئِنْ شَكَرْتُمْ لَاَزِيْدَنَّكُمْ وَلَئِنْ كَفَرْتُمْ اِنَّ
عَذَابِيْ لَشَدِيْدٌ
“(Inget) nalika Gusti
anjeun ngabewaraken: Lamun aranjeun sukur, tangtu Kami bakal nambihan nikmat ka
aranjeun. Tapi lamun aranjeun ingkar, tangtu siksaan Kami kacida pisan
pedihna.” (QS. Ibrahim: 7).
Jamaah anu
dimulyakeun ku Allah swt,
Leres bersyukur ka
Allah sanés ngan saukur
ku cariosan, tapi ku amal sareng kalakuan. Aya tilu cara anu tiasa ku urang lakukeun pikeun ngamalkeun rasa
syukur ka Allah:
1.
Bersyukur
ku Hate (Syukrul Qalb)
Urang kedah ngaku dina lebet hate yén sadaya nikmat asalna ti Allah. Ulah
nganggap yén kasuksésan atanapi nikmat anu urang gaduh hasil tina usaha urang nyalira.
2.
Bersyukur
ku Lisan (Syukrul Lisan)
Nyaeta ngabiasakeun
diri pikeun ngucapkeun kalimah Alhamdulillah dina sagala kaayaan. Unggal
waktos urang nampi nikmat, ulah hilap pikeun muji Allah.
3.
Bersyukur
ku Amal (Syukrul Amal)
ngabuktiken
rasa sukur urang ku amal shaleh, sapertos solat, maca qur’an, sedekah, nulungan
batur sareng ibadah sajabina.
Allah parantos masihan nikmat ka urang, maka urang kedah ngagunakeun nikmat éta
dina jalan anu diridhoi ku Allah swt.
Hadirin sidang jum’ah anu mulya,
"Kecap bijak nyarios, ‘Rasa sukur téh mangrupa konci kabagjaan.’ Ku
jalan sukur, urang tiasa ngarasakeun betapa berkahna kahirupan ieu. Mudah-mudahan
urang sadaya janten hamba anu seueur bersyukur (‘abdan syakuron) sapertos
anu dicontoken ku kangjeng nabi Muhammad saw. Behdituna ku kangjeng nabi Nuh
AS. Sakumaha firman Allah dina QS.Al-Isra: 3.
ذُرِّيَّةَ مَنْ حَمَلْنَا مَعَ نُوْحٍۗ اِنَّه كَانَ عَبْدًا شَكُوْرًا
بَارَكَ
اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا
فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ
تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ
Khutbah
II
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ
بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ
لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ
وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا
مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. أَمَّا بَعْدُ: فَيَا عِبَادَ
اللَّهِ أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ، وَقَالَ اللَّهُ تَعَالَى فِيْ كِتَابِهِ
الْكَرِيْمِ: وَمَنْ يَّتَّقِ اللهَ يَجْعَلْ لَهُ مَخْرَجًا، وَيَرْزُقْهُ مِنْ حَيْثُ
لَايَحْتَسِبُ، وَقَالَ إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ
يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ
وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا، اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ،
وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ اَللَّهُمَّ
اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ
مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ
الْحَاجَاتِ اَللّهُمَّ اجْعَلْنَاْ مِنَ الشَّاكِرِيْنَ
لِنِعْمَتِكَ، وَمِنَ الْحَامِدِيْنَ لَكَ، وَاجْعَلْنَاْ مِنْ عِبَادِكَ الصَّالِحِيْنَ رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا
حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ اَللّٰهُمَّ وَفِّقْنَا
لِطَاعَتِكَ وَأَتْمِمْ تَقْصِيْرَنَا وَتَقَبَّلْ مِنَّا إِنَّكَ أَنْتَ السَّمِيْعُ
العَلِيْمُ وَصَلَّى اللهُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَاٰلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ
وَالْحَمْدُ لِلّٰهِ رَبِّ العَالَمِيْنَ عِبَادَ
اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى
وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ.
فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ
اللهِ أَكْبَرُ





0 komentar:
Posting Komentar